Jumat, 04 Juni 2010

Nyawang Sagara Kaendahan

Halimun na mumunggang gunung
Pangnepikeun ka layung tukangeun gunung
Pangbejakeun ka bulan nu ngahibaran
Titip saur ka Tikukur
Talatah ka Nini Anteh

Asmara anu baheula ngaguar ngahudang rasa
Ngait dina ati meulit dina peujit
Pejeujeut ngabeungkeut pageuh
Ngalungkrah ngabayabah dina bayah

duh,,,,,jungjunan.........
.....
anu nyagking malati kaasih
Nu mibanda tibrana raga jeung sukma
ngan ukur anjeun tawis langgeng kapiatai
Ukur anjeun nu ngalangkang dina sagara kaendahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar