Waktu janari leutik rehe simpe marengan hudang tina impian..aya rasa guligah nu teu kaharti ,ngalayang...ngoleang di ayun-ayun ku hiliwirna angin janari leutik mawa sora anu seah .....
lir wahangan caah dengdeng........kalakay lain wahangan,kalakay nyampay na akar karasa nahnay..
teu wasa ngondang harewos da raga ilang dangiang mangsa nyandang usum katiga mareng ngamukna angin jeung cai..........
baluweng jeroning pikir.uleng mikir gupuy gapay ngarawelan pamuntanga wanci ngarangrangan..........
duh jungjunan.....kuring teh melang.jemplang karang tembang urang kaleled gulidagna caah bandang, ...panutan.........kuring hariwang randegan gancang haleuang urang diteumbrag ditarajang ku lagu rock ijigimrang.......
layar putih jeung rajamantri sing jadi timahna pamatri.,
katresna nu aya cing jadi pamatri dina diri..........
salendro pelog jeung sorog sing tanggoh ngagelar tagog.
kahayang sawios mung implengan,bodas salawasna nyacas,
nutupan belegbegna mega ngiuhan heab angkara.
SALAM SANTUN PANGWANOH PAKIDULAN
BalasHapus