Dina wanci peuting anu jempling
Aya dangding nu teu weleh ngagalindeng
Marengan gelikna batin nu teu weleh rungsing
Ngabarungsinang asa teu pernah manggih beurang
Teu kalis mepende hate nu tara tibra sare, lantaran pinuh kacape
Dina peuting nu teu weleh jempling
Aya gerecekna sora keyboard
Patarema jeung rema-rema nu galecok cumarita, najan taya soara
Dibarengan ku sumanget nu rohaka
Nincak dina jalan satapak, ngudag impian nu mokprok dina kongkolak
Unggal wanci peuting dina kaayaan jempling
Taya sasaha, taya nu mirosea
Ngan hiji batur kuring, nu unggal peuting nembongan
Sanajan ukur dina wangunan tutu
Kabarung hate nu gandrung kabiruyungan, hayang tepung sosonoan
Kapiasih nu ngait meulit, tur nyantel teu kendat najan kudu meuntas wates kuburan
Iwal peuting jempling nu teu weleh jadi pangeling-ngeling
Nungtun lengkah geder kifayah najan lain wayah
Teu ilahar tapi lumrah, lantaran kalimpudan ku rasa kanyaah
Enya kituna teh saban peuting anu jempling
Dibarengan ku kingkilaban nu datang kalan-kalan
Cenah tong diteang, tong diwawaas
Carita geus ditutup ku kalimah pamungkas
Tapakna geus laas karuruban ku kararas
Dina wanci peuting anu jempling
Sok rajeun hayang napak tilas
Sugan aya kolebat najan sakolepat
Nepungan buah ati nu kungsi sawelas taun dipupusti
Dina kamalirna hurip nu teu weleh sedih kingkin
Lain hayang neang mangsa nu geus lewang
Tapi nu dipalar geusan ngubaran rasa longkewang
Dina wanci peuting anu nyedek ka janari
Rarasaan asa poe kamari
Katompokeun, kabebenjokeun ku kalangenan nu sasari
Enya harita ge nincak janari
Gebeg,...hanca masih tilu bab deui
Sedeng isuk-isuk geus dianti
Ulah kasambut ku datangna srangenge, nu baris mencrong surti jeung ngarti
Tara sulaya mancerkeun cahya, nyaangan lengkah kasab waragad transfusi
Kasab leutik diiwit-iwit nyubayaan budak nu ririwit
Enya, eta mah lalakon mangsa harita
Da ayeuna mah buah atina geus taya dikieuna
Dina unggal peuting jempling nu ayeuna
Rema-rema mah masih angger cumarita
Teu karuhan bisa ngareureuhkeun gerecekna keyboard
Najan tema jeung caritana geus beda
Tapi cipanon mah satia marengan lewangna rasa
Tiis lantis minuhan suku nu geus karuru
Kalangsu sabab geus teu puguh nu dituju
Ngoleab kabawa poekna peuting, nu ngaringkeb mawa kasedih
Ngabibita rasa kanyaah nu harita kabawa caah, karurud dina ulekan musibah
Peuting terus beuki jempling
Marengan gidigna ati, maripih lamping nu lungkawing
Mapay-mapay raratan kaheman sugan amprok na impian
Disorang sugan tinekanan, najan sadar lengkah asa sakaparan-paran
Tapi diri yakin, masih tetep aya dina tatapakan
Batin lumengis ngajerit kanu ngan hiji, ka Nu Maha Suci
Waruga ngarakacak, sukma muntang pageuh ka Mantenna
Peuting nu jempling geus parat nepi ka wanci janari
Anjog patepung jeung hibarna fajar
Enya teu lila, aya hawar-hawar sora adzan
Ngahudangkeun pangacian, sangkan tong kamalinaan ngumbar panglamunan
Geura tepungkeun eta impian jeung pangharepan
Dina luhur pangsujudan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar