Jumat, 04 Juni 2010

Lebak Cai

peuting beuki jempling
hawa beuki tiris nembus kana jajantung
guligah beuki rohaka
nyaliara minuhan raga ku katresna

Jungjunan ..............
cinta jeung katresna
teu bisa poho jeung leungit
kumalayang anteng dina jeroeun dada

Jungjunan............
kanyaah nyangkaruk dina ati
teu bisa di ulah-ulah
tetep ajeg....panjeg teu galideur

Duh..........
peuting nu jempling..........
pang bejakeun cinta kuring
nu teu bisa di embung-embung

Duh..........
Angin peuting....... pang nepikeun
kuring nungguan
di lebak cai nu pinuh
tilam katresna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar