Sabtu, 05 Juni 2010

UDAGAN

lengkah nu mawa carita
gurat hirup teu bisa di baca ku waktu
jungkiring tekad teu bisa di wengku
Keun carita teh sina ngalir .....
kumaha daekna.........kumaha kahayangna
di pikiran..........
di teuleuman.............
teu meunang jawaban
moal mungkin anjeun kuring ngarti
tapi..........naha........
.............?
bener salah di luar udagan.
diditu...didieu boga caritasewangsewangan
tapi.........
tetep aya hiji rasa nu bakal moal ngarti.......
Carita teh aya koma....peun.........
jeung pinasti di tungtungan
ku titik.

UDAGAN

lengkah nu mawa carita
gurat hirup teu bisa di baca ku waktu
jungkiring tekad teu bisa di wengku
Keun carita teh sina ngalir .....
kumaha daekna.........kumaha kahayangna
di pikiran..........
di teuleuman.............
teu meunang jawaban
moal mungkin anjeun kuring ngarti
tapi..........naha........
.............?
bener salah di luar udagan.
diditu...didieu boga caritasewangsewangan
tapi.........
tetep aya hiji rasa nu bakal moal ngarti.......
Carita teh aya koma....peun.........
jeung pinasti di tungtungan
ku titik.

Jumat, 04 Juni 2010

Hudang Tina Impian

Waktu janari leutik rehe simpe marengan hudang tina impian..aya rasa guligah nu teu kaharti ,ngalayang...ngoleang di ayun-ayun ku hiliwirna angin janari leutik mawa sora anu seah .....
lir wahangan caah dengdeng........kalakay lain wahangan,kalakay nyampay na akar karasa nahnay..
teu wasa ngondang harewos da raga ilang dangiang mangsa nyandang usum katiga mareng ngamukna angin jeung cai..........
baluweng jeroning pikir.uleng mikir gupuy gapay ngarawelan pamuntanga wanci ngarangrangan..........
duh jungjunan.....kuring teh melang.jemplang karang tembang urang kaleled gulidagna caah bandang, ...panutan.........kuring hariwang randegan gancang haleuang urang diteumbrag ditarajang ku lagu rock ijigimrang.......
layar putih jeung rajamantri sing jadi timahna pamatri.,
katresna nu aya cing jadi pamatri dina diri..........
salendro pelog jeung sorog sing tanggoh ngagelar tagog.
kahayang sawios mung implengan,bodas salawasna nyacas,
nutupan belegbegna mega ngiuhan heab angkara.

Sirine

Tak ada lengking sirine tak perlu ada tarian selamat datang karena segala fikir dan rasaku telah menari-nari mengitari segala peristiwa dan misteri hari-hari sejak kabut pagi dan ketika butir kaki-kaki hujan yang menusuki kulit bumi kotamu menjadikan seantero kotamu kuyup berbasuh rinduku meyelinap ke relung hatimu yang palimg dalam...aku seru seluruh rindu dan kupeluk rintik hujan soremu biar kita lekat di hadapan..........

sesaat ku membelok mencari ruang waktu tuk melepas sepenggal rindu yang ku untai kemarin pagi kan kukalungkan di lenjang lehermu untaian rindu biar pecah segala lelah karena kau selalu mencuri hati seperti malam ini kala jalanan panjang kuyup di genangi kecintaanku padamu.
kekasih pabila dingin ini tak beranjak,maka dekaplah mimpi-mimpiku biar kasih abadi terjaga selalu.........sungguh makin dekat jarak kau dan aku makin gelisah dan ronta ini hanya selalu jadi angin sunyiku.

malam ini selalu kan kujadikan tonggak sejarah hidupku di paruh abad saat sisa waktu yang entah malaikat mana mengajak kau arungi misteri ini...jangan pernah ada ragu sedepapun karna akukan selalu menemani kala kau suka juga saat kau tersanyat luka...

Rumasa

rumasa ayeuna kuring sumerah da bongan karasa taya tngan pangawasa ..ati beuki nyeuit..peurih liwat watesan nyeri basa cimata asak...kacida saheng ngagulidag mapay pipi pangsisina..geuning ieu hate bet leeh ku nami salira...cenah ceuk bejamah kuring digjaya..boga kawasa ..tapi naha ieu hate bet jumeriit ngalengis tukangeun rambut salira..boa enya ieuteh ghoib..boa enya ieu teh nu teu neurak dicacag akal..? boa enya..kuring teh batara lengser nu ngalungsar na lahunan salira???kanaon ieu hate hayang dipepende simpe

Lebak Cai

peuting beuki jempling
hawa beuki tiris nembus kana jajantung
guligah beuki rohaka
nyaliara minuhan raga ku katresna

Jungjunan ..............
cinta jeung katresna
teu bisa poho jeung leungit
kumalayang anteng dina jeroeun dada

Jungjunan............
kanyaah nyangkaruk dina ati
teu bisa di ulah-ulah
tetep ajeg....panjeg teu galideur

Duh..........
peuting nu jempling..........
pang bejakeun cinta kuring
nu teu bisa di embung-embung

Duh..........
Angin peuting....... pang nepikeun
kuring nungguan
di lebak cai nu pinuh
tilam katresna

katalimbeng

Bagea cinta..........
nu reuhreuy nyuatan,
bet anteng nganteng najan katalimbeng..
nurih nanceb teu malire nu lumengis,
tikerelep kokoleaban beuki teunangan..........
bagea cinta ....
salira manceran ,
nutug na lelembutan................
.
duhhhh......